Kamari aya hariring Galindeung pikabungaheun Harita aya kameulang Nembongkeun kasugemaan Laku hirup awor pinuh rasa deudeuh Gumulung asih jembar kaikhlasan Ayeuna heunteu kakuping Duka kamana ngilesna Jiga kabandang kumangsa Ngan ukur nunda nalangsa Ukur nitip kapeurih ngageurih ati Indit teu cumarita teu beja beja acan Dimana atuh dimana tataji ku hariringna Dimana atuh dimana kabayangku haleuangna Ngalangkang ras emutna ku hagetna Kiwari kuring leungiteun. Dimana atuh dimana kataji ku hariringna Dimana atuh dimana kabayangku haleuangna Ngalangkang ras emutku bageurna Kiwari kuring leungiteun.
@wartikahatik3855
2 жыл бұрын
Pami tiasa hoyong karaokena kanggo upload SB smule 🙏
Пікірлер: 5