#ikiboleng #putragiriharja3 #wayanggolek
#gunungmanik #majalengka #kendangsunda
_______________________________________________
Samemeh nga enyakeun kana perkara kaahengan diri, manusa estuning muih dina "Cenah". Numawi kedah prak "Kawitan" heula supaya teu ceuk "Cenah", tapi mirasa naek kana badaya.
Badaya
Ari Bada teh pasca atawa saenggeus
Ari Ya teh enya
Sanggeus ngaenya keun kana pentingna nyisiran diri, teges yen manusa jeung GustiNa, leuwih raket tibatan urat beuheung jeung beuheungna.
Sabada ngarasa raket jeung GustiNa (Badaya), biasana naekna teh kana Bata rubuh.
Bata teh bahan pipinding/bebenteng anu bahanna tina taneuh/bumi/dunya)
Rubuh teh gugur atawa lebur
Manusa nu geus ngarasa raket jeung GustiNa, pasti bakal nyorang bata rubuh, tegesna yen sakabeh nu jadi bentengna diri nu sifatna kadunyaan teh kudu rubuh heula.. mun hyg raket ka GustiNa. Mun geus ngarasa raket jeung GustiNa Antukna bakal ngarasa bodo dirina.. teu umaing yen hirup teh ngan ukur Ka-hirupan ku kudrat iradat mantenNa.
Undakna tidinya, tangtu bakal papanggihan antara diri jeung jatiNa.
Prung
Gamelan meni ngagending
Dipasieup ku hariring
Sindirna ngandung pepeling
Badaya mah gan, badaya ngawitan ngibing
Manusa mun geus "Badaya", bral rek mimiti ngibing ge. Tegesna ulah waka suka seuri mun can panggih jeung jati diri tea.
Soloyong we dina badaya, ngibing Topeng Jati swara.
Topeng teh hijab/pipinding, prak ibingan pipindingna(kapalsuan) sing nepika ka jentre jatiswarana
Jati swara teh sora nu sajati.
Sora jero nu teu weleh ngelingan kana jalan kabeneran.
"Diraksukan siti jenar nganggo kekemben rupi Turangga jati cahaya na mencrang kunang kunangan ,Gandang jeung pertentang
Moal aya bandinganana".
Diraksukan siti jenar, siti teh bumi/pertiwi/awewe. jenar beureum (nafsu/ gairah). nganggo kekemben rupi turangga jati.
Kekemben teh hiji raksukan nu nerapna tina dada ka handap. Turangga teh kuda(tutunggangan), jati teh suci. Nyimbulkeun awewe geulis pinuh ku gairah tapi awakna kuda suci nu cahayaan mencrang kunang2an. Tegesna tutunggangan manusa nu keur ngibing tea, nyusul ngajentrekeun (Jatiswara) sora ti nu maha suci anu moal aya bandinganana.
Anu teu 2 teu 3, ngan hiji hijina.. Tunggal / Ahad.
"Laesa kamistlihi syaeun"
Bral geura tunggang, geura panggihan nu teu aya bandinganana tea. Sing nepi ka...
Euleuh euleuh... Itu saha.. ?
Punten NUN
Saha eta.....?
Naon ari NUN?
(nun wa al-qalamwa ma yasturun)
hierarki antara Tuhan jeung makhluk-Nya.
Cag kanca 🙏🙏
Негізгі бет Музыка BADAYA - Gunung Manik (Majalengka)
Пікірлер: 109