Kalakay Gupay
Wilujeng angkat, deudeuh...
teu kedah ngumbar tibelat
da cisoca moal saat-saat
teu kedah ngumbar kawaas
da ngangres mo laas-laas
Wilujeng angkat, deudeuh...
urang luaskeun ku ikhlas
dijajapkeun ku sewu mamanis
tanpa kecap pileuleuyan
tanpa citangis marengan
Wilujeng angkat, deudeuh...
kantenan kalakay gupay
nu ngebat lebah pengkolan
kantos nyeuit nurih ati, sakedapan
ngalongkewang diri leungiteun puntangan
hambar diri ilang tungkusan harepan
sirna ilang mamanisna
Kantenan kecap papisah
karaos mungkaskeun asih
heas-heas nurih ati, sungkan pisah
upleuk ngobrol sajajalan bari ngagugulung kangen
wanci sareupna maju ka kulonkeun
sora alon ngaharewos pileuleuyan
wilujeng angkat, deudeuh...
Mugia bagja marengan
metik ati nu jadi panutan
bari sabar ku papasten
urang geus jadi nu lian
wilujeng angkat, deudeuh...
Негізгі бет Kalakay Gupay
Пікірлер: 48