Ampir kabeh jalma mun ditanya "Hayang beunghar?" Jawabanna sarua "Hayang". Teu kacaritakeun jalma boga cita-cita hayang miskin soksanajan kaayanan manehna miskin. Ceuk ajengan di lembur, jalma mah diciptakeun lain kudu beunghar tapi kudu ibadah ka Gusti, lain hartina ulah beunghar da beunghar ge kudu sabab ku kabeungharan urang bisa nulungan nu butuh nalangan nu susah. Ari beunghar jeung miskin mah ukur ujian hirup. Nu beunghar diuji ku kabeungharana, nu miskin diuji ku kamiskinana. Tah didieu bakal katinggali saha jalma nu bisa lulus tina ujian.
Teu saeutik jalma beughar tapi hirupna teu barokah, nyakitu deui loba jalma miskin nu hirupna terus-terusan ngarasula. Padahal rejeki mah geus aya nu ngatur, moal pahili, da masing-masing geus ditangtukeun takarana. Tah kulantaran urang mah teu apal ukuran rezeki nu geus ditangtukeun, nya urang salaku manusa kudu ikhtiar, ngadu'a jeung tawakal. Gusti mah moal ninggali hasil tapi proses usahana.
Mun "dianalogikeun" rejeki manusa teh saperti cai dina gelas.
Anggap wae rejeki hiji jalma ngan ukur sagelas. Mun eta jalma terus-terusan usaha pikeun nambahan harta ku jalan nu teu halal, sarua jeung minuhan gelas anu antukna mudal taya gunana sabab teu katampung da rejekina ukur sagelas. Eta nu disebut teu barokah. Sabalikna mun eta jalma loba sodakoh bari ikhlas, sarua jeung nyaatan eta gelas. Nya jelas rejekina baris ditambahan nepi ka sagelas deui. Eta nu disebut ikhlas ngaluarheun harta dina jalan bener..
#pepelingsunda #pepelingsundatetehuwid #pepatahsunda #urangsunda #sundaviral
Негізгі бет PEPELING SUNDA mending benghar Atawa miskin???
Пікірлер: 3