Assalamu'alaikum wr. wb Sampurasun...
Kali ini admin mau ngeshare lagi sawer panganten Sunda modern ala Sagaviya Channel. Buat baraya yang suka boleh di like dan di subscribe ya... hatur nuhun. 🙏😁
Link Video Original: • SAWER SUNDA || KIDUNG ...
Rumpaka Sawer Panganten:
Bismillah… urang kawitan…
Nyebat asmana nu Agung…
Ka Allah ghafururrahim…
Sembaheun urang sadaya…
Puja-puji mung ka Gusti…
Nu nyepeng sadaya alam
Hakim di yaumal akhir
Mung ka… Gusti urang tumut
Neda pitulung pangjaring
Hidep ginanjaran bagja
Tepung rabi jatukrami…
Muka lambaran carita…
Natrat dina rumah tangga
Jimatna ngan welas asih…
Antara hidep duaan…
Omat lali kana kawit
Eunteup teuteup tepung rasa
Dugi asih mandiri…
Ngancik asih lahir…batin
Hidep cunduk kana waktu
Boga kabeungbeurat ati
(Kasep… kabeungbeurat ati)
Nyatana bojo utami
Eulis pinilihan ati
(Aduh kasep… pilihan ati)
Sing bisa mulasarana…
Tingtrim mupusti ku asih…
Eulis kudu nya mituhu
Ka panutan siang wengi
(Geulis… siang jeung wengi)
Ka caroge teh manutan
Sumujud ku ati suci
(Aduh geulis… ku ati suci)
Cegahan lampahan hina…
Sangkan tingtrim laki rabi…
Pamungkas kanu ngariung
Neda jembar pangraksaning…
Neda jembar pangampura…
Sakitu nu kapihatur
Mugia aya berkahna…
Kanggo panganten sakalih…
Amin Ya Rabbal a’lamin
Mugi Gusti nangtayungan...
Wur-awur beasna di awur-awur…
Wur-awur beasna di awur-awur…
Wur-awur beasna di awur-awur…
Wur-awur beasna di awur-awur…
Wur-awur beasna di awur-awur…
Wur-awur beasna di awur-awur…
Wur-awur beasna di awur-awur…
Terimakasih kepada:
Sagaviya Channel
Picsart
Capcut
Bandlab
Pinterest
Tesla Music
Adi-adi tukang gandeng
Headset kekeresekan
Негізгі бет SAWER PANGANTEN SUNDA | SAGAVIYA
Пікірлер: 92