#teater #teaterindonesia #teaterkarawang #theater #festival #festivalteaterpelajarbasasunda #teaterpelajar #sunda #basasunda #karawang #jawabarat #karawang #pelajar #cilamaya #teatersacila #sman1cilamaya #video #youtube #viral #theatre #drama #dramasunda #art #musik #artistik #aktor #aktris #senirupa #sutradara #pertunjukan #teaterbandung #teaterterbang #sastra #literasi #dialog
/ @disparbudkabkarawang
/ @ayigsasmita4703
/ @smanegeri1cilamaya914
Drama Sunda
TATU
Ayi G. Sasmita
Wanci Pabeuebeurang kira pukul Sapuluh, di hiji tempat nu biasa dipaké nongkrong
barudak, nu rada anggang ti sakola, katingali barudak sakola lalaki awéwé Saruka
bungah bari tinggorowok euyah-euyahan, lantaran harita téh poéan maranéhanana
narima surat “kelulusan” sakola. saragam bodas abu-abu ges teumangrupa pinuh ku
corétan sapidol jeung cét warna-warni (pilox), lain ngan saukur baju jeung calana, buuk
ogé teu leupas tina corétan pilox.
Duka saha nu ngamimitian, timana asalna jeung naon maksudna éta Kabiasaan méh
jadi “ritual Wajib” barudak sakola SMA, SMP, pon kitu deui barudak SD, dina acara
kelulusan sakola.
MAYA NGARANDEG CUMARITA, NAFASNA BEUKI PONDOK DUA LEUNGEUNA
NGARAGAP DADA JIGA NU EUNGAP, TAPI TETEP NEUTEUP BOBY BARI IMUT.
BOBY BEUKI KAWEUR, NYARITA BARI NGINGHAK.
BOBY
Maya.. Maya déngékeun, Boby jangji demi anjeun, demi si bapa jeung si mamah Boby
bakal ngeureunan sagalana, Boby bakal ngabubarkeun Gank, Boby bakal balik deui
kana kahirupan normal sakumaha pamenta anjeun…
MAYA
Paménta kolot Boby lain paménta Maya…
BOBY
Énya… tapi ijinan Boby mawa najeun ka Dokter.. Boby sieun Maya kumaonam… Boby
embung Maya jadi korban…
BOBY GURA GIRU NGARAWU AWAK MAYA, TAPI MAYA ANGGER NOLAK.
MAYA
Percuma Bob… Maya geus teu kuat… Boby ulah ceurik, imut geura.. Maya hayang
ningali imut Boby nu biasa dibalédogkeun ka Maya unggal isuk basa Boby Mapagkeun
Maya di digerbang imah… imut nu salila ieu jadi pangupah jiwa… imut nu nguatkeun
Maya dina sagala karereged ngayonan kalakuan Boby….
BOBY
Maya ulah nyarita kitu… hampura Boby… Boby kaduhung geus jadi cukang lantaran
ajneun jadi korban… coba upama tadi Boby nurut kana omongan anjun, moal jadi kieu
meureun…
MAYA
Anjeun teumeunang nyarita kitu… sakabeh nu kaalaman ku arang duaan poé ayeun,
geus ditakdirkeun ku Numaha Kawasa… Boby kudu yakin bakal aya hikmah
satukangeun kajadian ieu.. sugan jeung sugan ku cara kieu Boby jadi éling… Maya
ikhlas jadi korban… tapi kudu jadi korban nu pamungkas.. kahareupna ulah aya deui
korban nu ragrag alatan Tawuran… peun…
KAAYAAN MIMITI REUP-REUPAN SORA INCUING BEUKI TARIK BEUKI KETIR
KADÉNGÉNA, NGONG SORA ADZAN MAGRIB.
MAYA
Euleuh geuning geus magrib… Boby.. titip salam nya ka Ibu jeung Bapa Maya.. béjakeun
Maya indit tiheula kitu…
BOBY
Maya ulanh nyarita kituu…Boby sieun.. sieun…!!
MAYA
Ulah sieun Boby sayang… kadieu geura sing deukeut… Maya hayang nyabak raray
Boby….
BOBY NEUTEUP ANTEB KA MAYA, MAYA IMUT BARI NGARAMPAAN BEUNGEUT
BOBY.
MAYA
Boby…. Watashi wa itsumo anato o aishiteimasu… and I…. lo…vé y…ou…
Негізгі бет TEATER SACILA SMAN 1 CILAMAYA | TATU | FESTIVAL TEATER PELAJAR BASA SUNDA 2024
Пікірлер