#teater #teaterindonesia #teaterkarawang #theater #festival #festivalteaterpelajarbasasunda #teaterpelajar #sunda #basasunda #karawang #jawabarat #karawang #pelajar #teatersekar #smksehati #video #youtube #viral #theatre #drama #dramasunda #art #musik #artistik #aktor #aktris #senirupa #sutradara #pertunjukan #teaterbandung #teaterterbang #sastra #literasi #dialog
/ @disparbudkabkarawang
TILU RAMPOG
Karya : Abah Sarjang
Setting dijero imah kosong, lampu remeng-remeng, kayu jeung runtah pabalatak. Panto
imah ngareket dibuka. Saurang jalma mamawa buntelan asup. Lengkahna waspada
keketeyepan bari luak-lieuk. Ka unggal juru rohangan mariksaan unggal jeungkal tempat
disakurilingna.
Congkel : Ari maneh bosen teu asup bui? Urang-urang teh pan kakara saminggu
bebas. Ayeuna geus gawe kanu kieu deui.
Bangkol : Bosen-bosenna mah, ngan rek usaha naon deui? Pangabisa Aing jeung si
Borgol mah kana ngarampog, nya enggeus, ka dinya deui we gawe teh.
Congkel : Heueuh, Aing ngajaran usaha dijero, ngasupkeun sabu ka blok narkoba,
Angger euweuh untungna. Loba teuing nu kudu di parabna, ti mimiti tamping
tepi ka sipir, kudu wae aya pemasukan.
Bangkol : Kana duit mah kabeh ge bareuki, teu paduli duit naon, duit naon nu penting duit.
Congkel : Maraneh nyaho teu, imah nu tadi ku urang tiluan dirampog? Eta teh pajabat,
mun teu salah mah anggota Dewan. Tah okos namah jadi nu kitu mah gawe
teh duitna halal.
Bangkol : Alaah . . . Naon halalna Congkel? Jaman kiwari mah rek pajabat rek pangkat,
sarua wae, kabeh ge rampog.
Anu digarawe di pamarentah, bulat-beulit ngulinkeun laporan, ngarampog
duit nagara. Nu jaradi Dewan bulat-beulit ngulinkeun anggaran, ngarampog
duit rahayat. Kiai boga pasantren ngarampog duit santri-santrina, kampus
jeung sakola ngarampog duit mahasiswa jeung muridna, Dokter ngarampog
duit pasien. Nu daragang ngarampog duit nu meuli.
Kabeh ge rampog. Ngan meureun manehna mah ngarampogna teu jiga
urang, nu ngasongkeun bedog mamaksa ngaringkid harta nu boga imah.
Congkel : Lah teu kaharti Bangkol, maneh mah ngomongkeun rampog tapi jol ka nu
digarawe, ka kiai, ka dokter kana sagala rupa.
Borgol : Maksud si Bangkol mah, mun dipikiran rada jero, sabenerna mah, rek naon
pacabakanana oge ari dibarengan ku teu jujur mah, naon bedana jeung
urang-urang. Naon bedana jeung rampog?
Bangkol : Ngan meureun maranehanana mah ngarampogna leuwih lemes, leuwih
tarapti jeung lantip, jadi teu kaciri babadog-rarampogna, padahal mah leuwih
kejem ti urang-urang.
Congkel : Lah beuki teu kaharti ku aing mah, keur mah cape tas lumpat, kudu mikir nu
karitu, kalah ngerebek kana beuteung. Nu kapikir ku aing ayeuna mah asa
ngeunah mun ngadahar nasi goreng.
Негізгі бет TEATER SEKAR SMK SEHATI | TILU RAMPOG | FESTIVAL TEATER PELAJAR BASA SUNDA 2024
No video
Пікірлер