Tembang Sunda Cianjuran + Laras waas
karya lagu: Yus Wiradiredja
lirik: Etty RS
Arranger : Yus Wiradiredja
Album rekaman Tembang Sunda Cianjuran "Patelak Rasa"
Juru Mamaos (vokalis) : Yus Wiradiredja & Rosyanti
Juru pamirig (musisi): Octa (kacapi indung)Rijal (suling), Yusdiana (kacapi rincik), Nanang Jaenudin (kacapi kenit)
Produksi Sanggita - ath_Thawaf tahun 2011
Audio & Mixing: Abuy
Videographer: Yanyan
-------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
Terima kasih kepada subscribers yang sudah like, share dan komen di channel Sanggita Official
(Thank you to our Subscribers who have already liked, shared and filled in comments on Sanggita Official KZitem Channel.)
Laras Waas
Lagu : H.Yus Wiradiredja (Oktober 2010)
Rumpaka: Etti RS (pangjajap nu mulang Nano.S)
Laras : Sorog
Tembang tresna sanggian salira, ngagalindeng dina angen-angen
ngaweuhan lemah sarakan, lir tawis kaasih
sosoca ka nu ditilar, tilam kamelang ti nu mulang
humariring’na awaking tepiswiring
kawih asih ngagurit na ati, dalit meulit ngagurat na rasa
nyiram lembur pamatuhan, lir simpay kaheman
pamageuh tilam kadeudeuh, rawayan cinta ti salira
laras pamungkas gupay karang pamidangan
Lagu gandrung anu ngaaruman Bandung, nganteng kapireng dina Kalangkang
ngalaras landes’ na rasa, matak tibelat mun emut
lir haleuang panineungan, panggupay kawih paturay
reureueusna matak waas’na mamaras
Gending katineung surupan salira, gumuruh ngabedah sukma
ngagembrung di panggung liwung, pirigan lir tutunggulan
nu ratug seah na dada, tatalu tepak lekasan
tanceb kayon mapag layon
#sanggita #cianjuran #paguyubantembangsundacianjuran #tembangsundacianjuran
#musikklasik #yuswiradiredja #lagusunda #indonesia
Негізгі бет Музыка Tembang Sunda Cianjuran + laras waas + Yus Wiradiredja & Rosyanti
Пікірлер: 18