Tema : Upaya Pelestarian Kesenian Wayang Golek Melalui Media Sosial.
Video wayang golék Giriharja 2 pingpinan ki dalang H. Adé Kosasih Sunarya ieu mangrupakeun rékaman audio panggung waktu ngagejrak di Desa Nagrak Kec. Buahdua Kab. Sumedang tanggal 22 Februari 2003. Hanjakalna kasét pita nu kapuluk mung 5 kasét, nu dua deui mah pitana tos ancur. Dina rékaman nu aya gé seueur nu kualitasna arawon, tapi masih jelas kénéh kabandungan.
Lakon Batara Parta Suta ieu mangrupakeun ciptaan Abah Abéng Sunarya (Pusaka Giriharja) nu diropéa deui ku putrana, H. Adé Kosasih Sunarya. Di channel nu sanés aya aplodan lakon nu sami ti Abah Sunarya, mung audiona sami kirang saé. Rupina ngarékam tina siaran radio.
Inti awal lalakon nyaritakeun Batara Kresna kadatangan lanceukna Baladéwa dibarengan ku para Korawa nu dipingpin ku Resi Dorna. Maksud Baladéwa nepungan Batara Kresna nyaéta nganaha-naha Kresna bet ngantep Abimanyu ngaku batara, jujuluk Batara Parta Déwa.
Abimanyu ngaku batara jeung jadi pangawasa di Madukara saprak bapana, Adipati Arjuna ngaleungit ti nagara. Tarékah Batara Kresna nyaéta nipu ka Gatotkaca supaya napaan siki asem dina dampal lengeunna. Maksud Kresna nipu Gatotkaca kitu supaya teu ngabéla Abimanyu mun dicangkalak ku Kresna ogé Baladéwa.
Негізгі бет Wayang Golek GH2 Batara Parta Suta Bag 1 (Audio Panggung, 2003) - H. Ade Kosasih Sunarya
Пікірлер: 16