Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial.
SINOPSIS AWAL CARITA :
Sinigeug, kocap pawontening di karaton Karajaan Trajutisna nu mangrupakeun karajaan siluman, Sang Mahaprabu Gomantaka keur ngayakeun sinéwaka jeung putrina Déwi Trisnawati ogé mantuna nyaéta Bangbang Sutija, nu taya lain budakna Batara Kresna ti Déwi Pertiwi.
Dina riungan ieu, Sutija ngabudalkeun kapanasaranana kana kaputusan Sang Prabu rék masrahkeun wewengkon Princendani bogana Déwi Arimbi nu jadi Ratu Pringgandani. Baheulana, wewengkon Princendani dititipkeun ku Begawan Kesarpa, bapana Arimba & Arimbi ka Prabu Gomantaka. Wewengkon Princendani téh sacara administratif asup ka Karajaan Trajutisna.
Sabada Arimba, Raja Pringgandani nemahan pati ku Bima, kakawasaan otomatis ragrag ka adina nyaéta Arimbi. Saterusna Arimbi inget ka wewengkon Prencendani nu baheulana dititipkeun ku bapana ka Prabu Gomantaka. Kukituna Arimbi ngajurungan putrana, Gatotkaca supaya nepungan Prabu Gomantaka, nagih wewengkon Prencendani.
Dina hal ieu, Prabu Gomantaka nohonan jangjina baheula pikeun masrahkeun deui Princendani ka Gatotkaca nu jadi ahli warisna Arimbi. Tapi Sutija teu satuju kana kaputusan mitohana, antukna ngancam ka mitohana supaya ngabatalkeun kaputusanana.
Carios salajengna, mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag.
Негізгі бет Wayang Golek GH2 Gatotkaca Gugat (Audio Kaset) - Ade Kosasih Sunarya
Пікірлер: 33