Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial.
SINOPSIS AWAL LAKON PRABU DARMA BIRAWA
Sinigeug, di karajaan kajinan Ambarawa, Prabu Darma Birawa keur sinéwaka jeung patih Darma Bahu ogé Senopati Darmawati, adina raja. Inti obrolan, hayang naklukkeun karajaan-karajaan di sabudeureunana. Karajaan nu susah ditaklukkeun téh nyaéta Karajaan Amarta. Konci keur naklukkeun Amarta nyaéta kudu nelasan pati Prabu Yudistira.
Di satengahing perjalanan di awang-awang ka Amarta, Patih Darma Séwu kapergok ku Gatotkaca. Langsung wé ditibanan tajongan nepi ka ragrag ka lemah. Saterusna Darma Bahu ngemat aji ngaleungit, langsung nuju ka karaton Amarta. Waktu asup ka jero kamar Prabu Yudistira, kasampak keur leleson. Ngan waktu rék ditunggel jangga, ranjang jeung Prabu Yudistirana ngaleungit, terus wé pipindahan waktu rék ditunggel jangga. Antukna Patih Darma Bahu soak, langsung balik ka nagarana, laporan ka Prabu Darma Birawa.
Carios salajengna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!
Негізгі бет Wayang Golek GH2 Prabu Darma Birawa (Audio Kaset) - Ade Kosasih Sunarya
No video
Пікірлер: 35