Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial.
Wayang golék Giriharja 3 pingpinan dalang Asép Sunandar ieu mangrupakeun rékaman audio pagelaran di Desa Bagbagan Pelabuhan Ratu Kab. Sukabumi tanggal 10 Juli 2000. Pagelaran ieu dina raraga hiburan puncak penutupan Porseni PGRI ka-10 Kabupaten Sukabumi. Video ieu aya klaim hak cipta ti PT Harmoni Digital Publisherindo. Asa anéh pisan, pagelaran panggung keuna hak cipta, mun rékaman studio mah kaharti.
=====================
SINOPSIS CARITA
Sinigeug, di karajaan siluman puseur bumi, Prabu Wijarnaka katut patih ngarangkep senopati, Kalagundu keur ngayakeun babadamian. Dina obrolanana ngabanding-banding kaayaan karajaan Astina jeung Amarta. Sadayana pasti pada neguh yén nu diobrolkeun ngeunaan kaayaan di Astina mangrupa siloka atawa gambaran kaayaan di Indonesia.
Karajaan puseur bumi ieu téh bisa disebut karajaan miskin kusabab sumber daya alamna nu teu ngadukung. Kusabab kitu, Prabu Wijarnaka néang tarékah keur nungkulanana. Dumasar katerangan nu dipertélakeun ku Patih Kalagundu ngeunaan Karajaan Amarta, yén Amarta bisa jadi nagara makmur tur para pejabat karajaanana bisa sareundeuk saigel sapihanéan jeung rahayatna. Dina harti bisa manunggal antara abdi nagara jeung rahayatna. Silih asah, silih asih, silih asuh téh lain ngan saukur slogan, tapi diwujudkeun dina karya gawé nu nyata.
Sihoréng Karajaan Amarta téh boga falsafah atawa dasar nagara nyaéta Layang Jamus Kalimusada. Mun dibandingkeun jeung nagara Indonesia, meureun Pancasilana. Layang Jamus Kalimusada éta bogana Lurah Semar Badranaya nu dipihapékeun ka Prabu Yudistira. Prabu Wijarnaka hayang miboga pusaka Layang Jamus Kalimusada. Kukituna ngajurungan Patih Kalagundu supaya maling éta pusaka jeung nelasan pati Semar. Sanajan awalna nolak pancén ti raja, tapi ahirna Kalagundu daékeun. Daékeun téh lain dijurung ku nafsu tapi hayang ngabuktikeun ayat-ayat Allah.
Dina carita saterusna, pusaka Layang Jamus Kalimusada bisa dipaling ku Kalagunung. Semar gé digencét dina karang dasar samudera. Semar bisa ditulungan ku raja lautan nyaéta Naga Baruna. Semar ngajak Astrajingga jeung Dawala ngajorag Sawarga Maniloka. Sihoréng nu jadi Prabu Wijarnaka jeung Patih Kalagunung téh Sanghyang Otipati Jagatnata atawa Batara Guru jeung Batara Narada. Astrajingga jeung Dawala diistrénan ku Semar jadi batara ngawujud Batara Guru jeung Batara Narada.
Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!
Негізгі бет Wayang Golek GH3 Cepot & Dawala Diistrenan Jadi Batara (Audio Panggung) - H. Asep Sunandar Sunarya
Пікірлер: 42