Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan dalang H. Asép Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman video live dina raraga gusaran putrina Bapa Dadang, S. Junaedi (Kuwu Buahdua) di Desa/Kec. Buahdua Kab. Sumedang, 14 Juli 2012.
Video ieu minangka remake (edit ulang) tina lakon Dawala Gugat nu kantos diaplod opat taun kapengker. Mung nu ngawitan mah audiona awon sareng gandéng ku sora nu nongton, ogé seueur adegan nu dipotong ku studio videografina nu ngaméra pagelaran.
Kaleresan pribados kénging kasét pita rékaman audiona. Mung sanés padamelan énténg-énténg nyinkronkeun audio nu VCD sareng nu audio kasét pita, margi nu VCD mah durasina 4,5 jam sedengkeun nu audio kasét pita mah 5,5 jam. Nyinkronkeun audiona dugi ka 4 dinten, margi kedah per detik disinkronkeunana, delay 2 detik waé tos moal sinkron antara gerak sareng audio. Matakna aya sababaraha adegan nu gambar videona pasif.
Негізгі бет Ойын-сауық Wayang Golek GH3 Dawala Gugat Sawarga (Remake Audio) - H. Asep Sunandar Sunarya
Пікірлер: 171