Tema : Upaya Pelestarian Kesenian Wayang Golek Melalui Media Sosial.
Wayang golék Giriharja 3 pingpinan ki dalang Asép Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman kasét studio taun 1980-an. Tiasa ditengetan ogé tina soanten Pa Asép nu masih anom, teu acan agem. Kumargi hasil konversi ti kasét pitana ka format mp3 rada awon, diédit deui supados rada ngoncrang sareng jelas sanaos teu optimal.
===================
Sinopsis awal carita :
Sinigeug, di nagara kajinan Giri Kadasa nu nyangking kalungguhan salaku naléndra nyaéta Prabu Durga Bandala, keur ngayakeun sinéwaka jeung Patih Durgaraksa jeung Senopati Kalasarpa. Inti obrolan nyaéta Sang Prabu boga kahayang migarwa bidadari Sawarga Maniloka, Déwi Supraba, ogé sakaligus hayang ngabandang Déwi Banowati, permaisuri Nagara Astina, bojona Prabu Suyudana.
Prabu Durga Bandala nugaskeun patih jeung senopati ngiwat Déwi Banowati di Astina. Patih Durgaraksa ngajirim jadi wujud Gatotkaca waktu ngiwat Déwi Banowati. Dina hal ieu Gatotkaca keuna fitnah, dituduh nu ngiwat Déwi Banowati.
Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!
Негізгі бет Wayang Golek GH3 Gatotkaca Difitnah (Audio Kaset) - Asep Sunandar Sunarya
Пікірлер: 47