Tema : Upaya Pelestarian Kesenian Wayang Golek Melalui Media Sosial.
Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman audio panggung waktu ngagejrak di Kec. Pasar Kemis Kab. Tangerang bulan Juni 1998. Harita mah Tangerang masih lebet ka Jawa Barat. Tiasa disebat pagelaran lawas Giriharja 3. Hapunten teu gaduh video livena.
===============
Ngeunaan eusi carita lalakon ieu tangtos seueur nu aruninga. Intina mah ngunek-ngunekna sukma Sanghyang Rancasan ka nu jadi adina nyaéta Sanghyang Ismaya nu jadi déwa kamanusan kakasihna Semar Badranaya.
Sanghyang Rancasan ngawujud mahluk denawa nu katelah Prabu Sanghyang Jagatnétra, ngadegkeun karajaan Awu-Awu Langit. Ampir sakabéh nagara di marcapada takluk ka Awu-Awu Langit, iwal Amarta jeung Dwarawati.
Salah sahiji tarékah Jagatnétra pikeun males dendam ka Semar nyaéta nitah ka Arjuna supaya maéhan Semar, minangka sarat supaya Arjuna diaku murid ku Sanghyang Jagatnétra.
Carios lengkepna mah mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!
Негізгі бет Wayang Golek GH3 Jagatnetra Vs Dewa Nurcahya (Audio Panggung, 1998) - Asep Sunandar Sunarya
Пікірлер: 53