Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial.
Pagelaran wayang golék Panca Komara Karawang pingpinan R.H. Tjétjép Supriadi ieu mangrupakeun rékaman audio kasét studio.
===============
Sinopsis awal carita. Sinigeug, di pertapaan Buana Panca Tengah, Resi atawa Begawan Witaraga keur dideuheusan ku putrana Bangbang Sukma Lalana. Saperti biasa ti nu jadi bapa ka anak mapatahan ngeunaan dinamika kahirupan. Saterusna pikeun ngamalkeun élmu pangaweruh nu diwariskeun ka putrana, Resi Witaraga ngajurungan Bangbang Sukma Lalana supaya babakti ka Amarta.
Di tempat séjén nyaéta di Astinapura, Prabu Suyudana keur sinéwaka jeung para pangagung Astina. Nyawalakeun rencana kumaha carana méré bantuan ka dulurna nu jadi raja Amarta nyaéta Prabu Darmakusuma nu keur nandangan gering. Tapi kondisi kitu dijadikeun kasempetan ku Resi Dorna pikeun ngakalakeun kulawarga Pandawa. Alih-alih rek mantuan ngubaran, Resi Dorna nyarankeun ngaracun Prabu Darmakusumah.
Usul Resi Dorna langsung meunang réaksi ti Adipati Karna nu dina seuhseuhanana masih lanceukna Pandawa ti saibu. Antukna Adipati Karna pada ngarempug ku wadyabalad Kurawa.
Carios salajengna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!
Негізгі бет Ойын-сауық Wayang Golek Panca Komara Darmakusumah Nitis (Audio Kaset) - R.H. Tjetjep Supriadi
Пікірлер: 42