Tema : Upaya Pelestarian Kesenian Wayang Golek Melalui Media Sosial.
Pagelaran wayang golék Putra Giriharja 3 pingpinan Ki Dalang Dadan Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman vidéo panggung waktu ngagejrak di Desa Wilanagara Kecamatan Luragung Kabupaten Kuningan, tanggal 13 November 2011. Mung hapunten, disk ka-3 na reksak, tapi teu ngirangan inti carita.
Sinopsis wawal carita :
Sinigeug di salebeting karaton nagara Amartapura, Naléndra Prabu Gandaraja, Patih Gandaseti katut Senopati Kalapideksa keur ngayakeun sinéwaka. Tiluanana téh para denawa nu ngalindih nagara Amarta. Para Pandawa ditawan ku éta para denawa. Malah mah nagara atawa karajaan-karajaan nu séjénna di sabudeureun Amarta geus ditaklukkeun ku Prabu Gandaraja. Kulawarga Pandawa nu lolos tina inceran nyaéta Gatotkaca, Anterja jeung Abimanyu. Sagala aturan, undang-undang atawa dasar nagara Amarta dileungitkeun, malah nyieun aturan anyar teu meunang ngagem agama di karajaan Amarta.
Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!
Негізгі бет Wayang Golek PGH3 Nurtalu & Nurtala (Video Live, 2011) - Dadan Sunandar Sunarya
Пікірлер: 13