Inilah Kawih-Kawih Pilihan Terbaik Mang Koko Koswara yang bisa teman-teman dengarkan dan nikmati, diantaranya Kawih Malati di Gunung Guntur, Kawih Longkéwang, Kawih Kuring Leungiteun dan Kawih Dina Jandéla.
Selamat mendengarkan dan menikmati, semoga video ini bermanfaat. Apabila teman-teman suka videonya, jangan lupa untuk LIKE dan SUBSCRIBE videonya yah!!! Sekian Terimakasih.......
MALATI DI GUNUNG GUNTUR
Melati di Gunung Guntur
Seungitna sungkeman ati
Bodas sésétraning rasa
Jadina dina mumunggang
Leuweung larangan
Malati di Gunung Guntur
Hanjakal henteu dipetik
Béja geus aya nu boga
Ngahaja melak didinya
Para guriang
Ayeuna kuring geus jauh
Malati sosoca gunung
Boa geus aya nu metik
Duka ku saha
Kamari jol aya béja
Malati ratna mumunggang
Majar can aya nu metik
Duka kunaon
Malati di Gunung Guntur
Ligar dina panineungan, na panineungan
Na saha nu baris metik
Kuring mah da puguh jauh
Biheung kadongkang
LONGKÉWANG
Baheula mun pareng nganjang
Suguhna imut nyi lanjang
Asih nu nganteur harepan
Pasini na kasadrahan.
Mmmh, deudeuh teuing
Na peuting héab naraka
Aya nyawa milar raga
Bébéné mulang ti heula
Bébéné mulang ti heula.
Mmmh, deudeuh teuing
Na peuting hujan cimata
Aya waruga palastra
Jajaka raheut haténa
Jajaka raheut haténa.
Ayeuna mun pareng nganjang
Nu témbong ukur kalangkang
Mega mendung na jajantung
Lagu liwung na bangbarung.
...Lagu liwung na bangbarung.
KURING LEUNGITEUN
Leungiteun kuring leungiteun
Dikamanakeun ieu dikamanakeun
Genclang herang
Cikahuripan di leuwi Sipatahunan
Diréka na papantunan
Kiwari ngan kari ngaran
Leungiteun kuring leungiteun
Dikamanakeun ieu dikamanakeun
Dongéng éndah
Katumbiri tarajé langit nu asri
Widadari turun mandi
Lumungsur ti kahyangan
Gusti rumasa diri gagabah
Ngagadabah alam éndah kagungan Gusti
Gusti kiwari gunung bulistir
Nu tinggal caah jeung banjir
Ampun Gusti ampun
DINA JANDÉLA
Tina jandéla urang silih gupayan
lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub
tara nu nyora simpé henteu nyarita
ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan
Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi
gambar lamunan naon geuning nu teu katepi.
lir nu disirep, lir nu disirep
geter katineung reureuh geuning, rep, rerep
Tina jandéla urang silih kiceupan
imut kareueut raga katresnaan padeukeut
langit keur lenglang jauh tina kamelang
urang jadikeun galeuh pasini lawungkeun
#kawihsundamangkoko
#albumterbaikkawihmangkoko
#kawihpilihanterbaikmangkoko
#kawihmangkokopengantartidur
#kawihmangkokosunda
#kawihmangkoko
#kawihsundaciptaanmangkoko
#kawihsundabuhun
#kawihmalatidigunungguntur
#kawihlongkéwang
#kawihkuringleungiteun
#kawihdinajandela
#kawihsunda
#kawihpasundan
#kawihsundabuhun
#kawihsundasedih
#kawihsundapengantartidur
#deassunda
Негізгі бет Kawih Pilihan Terbaik Mang Koko Koswara |DEAS SUNDA|
Пікірлер: 92