Lagu Sunda Kang Ibing
Bentang Ngiceupan Di Langit Kamelang
Biar ga serius terus, ayo sekali-kali kita hiburan, dengerin lagu sunda kang ibing, sambil melestarikan lagu-lagu sunda dan mengenang sang Legend - Kang Ibing.
Tutorial media pembelajaran nya istirahat dulu
Santai dulu
Lainnya Lagu Lawas Kang Ibing
Nunggu orok : • Lagu sunda Kang Ibing ...
Django : • Lagu sunda Kang Ibing ...
Abdi Alim yNorangan : • Lagu sunda Kang Ibing ...
Calana : • Lagu sunda Kang Ibing ...
Kunjungi juga:
blog.jejakmedia.link
kb.jejakmedia.link
amelmira.com
Tim Produksi Bentang Ngiceupan di Langit Kamelang
Penanggung Jawab : Pengurus Daya Mahasiswa Sunda Kota Bandung
Pimpinan Produksi : Kang Heri Wijaya, S.Ip
Naskah dan Narator : Kang Ibing Kusumayatna
Penata Musik : Kang Riskonda S.Kar
Juru Kawih (Penyanyi) : Ceu Neneng Dinar, Kang Herry Suheryanto, Ceu Neneng Fitri, Ceu Rika Rafika
Juru Pirig (Pemusik) : Kang Gangan Garmana, Kang Yeyep, Kang Maman, Kang Julia
Produser : Ceu Atik Sartika Arifin Yoesoef, SH., Kang Bambang Tanoeatmadja, Kang Heri Wijaya
Lagu :
(J) Eulis mun akang datang ka DAMAS
Haté liuh mapay tapak gandrung
Carita anu geus lawas
Teu daék laas, duh
(M) Engkang mun datang mangsa Mimitran
Haté peurih mapay tapak asih
Carita urang duaan
Angger némbongan, duh
(J) Si horéng duriat
Angger natrat ngagurat
Duh asih nu wening
Dengdeng nganteng anteng
(M) Si horéng kanyaah
Angger nganteng teu pisah
Duh asih nu urang
Langgeng pageuh deudeuh
Lagu :
Haturan-haturan
Hatur-haturan wilujeng sumping] 2x
Sumping damping di DAMAS
Sasarengan gogonjakan] 2x} 2x
(M) Tepang raray nu munggaran
Imut nungtun liwung gandrung
Wening asih ngahariring
Ingkeun teundeun sampeur tineung
(J) Basa tepang nu munggaran
Urang guntreng sakedapan
Aya galindeng nu nganteng
Haréwos jeroning batin
(M) Hé angin peuting nu tingtrim
Anu ngarti bari surti
Tepikeun getering batin
Éndahna puisi ati
(J) Apan tepang téh munggaran
Biheung urang tepung deui
Dareuda galindeng rasa
Ingkeun teundeun sampeur tineung
(M) Na kasaha kudu balaka
Nembrakkeun tungkusan kalbu
Na kumaha kudu nyarita
Nyampaykeun rasa katresna
(J) Na kasaha kudu balaka
Nyangreudkeun tatali asih
Na kumaha kudu nyarita
Maheutkeun rasa katresna
(M) Sakapeung sok nanya diri
Na kunaon haté bet gandrung
Mitineung kanu saurang
Liwung gandrung ngalanglayung
(M/J) Kacapi nu jadi saksi
Nyaksian lalakon diri
Rumpaka natrat nyarita
Tandaning kuring micinta
Narasi :
Eulis, basa salira munjungan dina mangsa wawanohan. Galindeng soanten asa kapireng, “akang, nepangkeun abdi…”. Duh, soca nu cureuleuk ngolébat dina lolongkrang kiceup. Salira tungkul nyumputkeun imut, lambey ngawet mipit asih. Sajorélat kiceup ngampih. Salira mah moal terang, antara harepan jeung hariwang sok inggis asih nogéncang, haté dipuntangan bingbang.
Lagu :
(J) Eulis akang téh bingbang
Lami basa mimitran
Eulis duh buah haté
Iraha akang ka bumi
Eulis akang ngantosan
Nganti naon putusan
Eulis duh kembang soca
Piraku nu geulis téga
Kapan urang sasarengan
Melakkeun tangkal harepan
Tepang téh teu acan lami
Piraku paturay deui
Narasi:
Sakapeung akang sok hayang tumanya kanu keur kabeulit ku asih, naha naon ari cinta? Nu datangna tara bébéja, lamun indit tara pamit. Da geuning sakapeung sok malik nanyakeun. Mun duriat dihalang-halang, naon nu jadi alesan? Naon nu jadi lantaran?
Lagu:
(M) Naon nu jadi alesan
Naon nu jadi lantaran
Naon nu jadi ukuran
Duriat dihalang-halang
(J) Naha urang bet patepang
Naha asih bet sirungan
Boa haté teh longkéwang
Duriat mah ukur impian
(M) Nu lepat mah boa tepang salah mangsa
Bibit asih biheung deui manjing wanci
(J) Salira mah balébat ti belah wétan
Pamohalan mun kudu tepung jeung layung
(M) Saha nu rék disalahkeun
Saha nu rék dibongankeun
(J) Saha anu rék nulungan
Nu salah mah bongan sorangan
Lagu:
Di imah kuring nu indung
Pujaan bapa pinasti, deuh
Da bongan lampah kaula
Tékad rék sumerah diri
Rék dihideung rék dibodas
Ceuceu akang nu masini, deuh
Rumasa kuring mah dusun
Taya basa tuna harti, deuh
Di DAMAS éstuning nyemah
Nganti asih ti pribumi
Tékad diri rék sumerah
Teu maksad ngabibisani
#LaguSunda
#LaguLawas
#LaguSundaKangIbing
#KangIbing
Disclaimer: Lagu didapat dari internet tanpa licensi. Hak cipta lagu milik pencipta. Penyebarluasan pada channel ini hanya bertujuan untuk melestarikan lagu sunda tempo dulu.
Негізгі бет Ойын-сауық Lagi Sunda Kang Ibing - Bentang Ngiceupan Di Langit Kamelang
Пікірлер: 62