Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial.
SINOPSIS SANGHYANG NATA DEWA
Lalakon ieu kaasupna lalakon carangan, lain carita galur. Ngan mun dibandungan, carita carangan kieu téh plot caritana ampir mirip jeung lalakon-lalakon séjénna, di mana para punakawan hususna Astrajingga nu jadi korban pitenah. Astrajingga dipaéhan terus jadi sinatria. Kadituna bales dengdam.
=====================
Sinigeug, di karaton Astinapura, Prabu Duryudana ngangkir para pejabat karajaan saperti Patih Sangkuni & Resi Dorna ti Jajar Sokalima. Maksudna ménta kamandang kumaha nungkulan nagara nu keur aya dina bancang-pakéwuh. Waktu keur sawala madungdengkeun kondisi nagara, aya laporan ti jagabaya yén Putri Lesminingpuri, putrina Prabu Duryudana aya nu ngiwat atawa nyulik. Nu ngiwatna téh nu ngawujud Astrajingga atawa Cépot. Putri Lesminingpuri daékeun dibawa kabur ku Astrajingga téh pédah dibébénjokeun yén Abimanyu keur ngadagoan putri di leuweung. Da mémang putri téh geus lila naksir ka Abimanyu, nya atoh wé dibawa ku Astrajingga.
Saharita dikeprak wadyabalad pikeun ngudag Astrajingga. Tapi pasukan ti Astina teu aya nu mampuh ngalawan Astrajingga. Sedengkeun Resi Dorna mah nepungan Arjuna nu jadi dununganana para pawongan Semar, Astrajingga, Dawala, Garéng. Arjuna dibarengan ku Resi Dorna ngajorag Astrajingga di Tumaritis. Sanajan teu rumasa nyulik putri Lesminingpuri, Arjuna jeung Dorna teu percaya, da mémang nu nyulikna nu ngawujud Astrajingga. Kusabab Astrajinga jeung Dawala kabur, Arjuna ngaleupaskeun panah. Astrajingga jeung Dawala ngemasing pati.
Paéhna Astrajingga jeung Dawala ku Arjuna, mawa pangaruh ka Sawarga Maniloka jadi génjlong, kawah Candradimuka ngagolak. Kasieunan dicarékan ku lanceukna nyaéta Semar atawa Sanghyang Ismaya, Sanghyang Otipati Jagatnata atawa Batara Guru turun ka marcapada. Ngahirupkeun deui Astrajingga jeung Dawala. Astrajingga dijadikeun sinatria nu katelah Sanghyang Nata Déwa.
Carios salajengna, mangga bandungan dugi ka tamat. Cag!
Негізгі бет Wayang Golek GH3 Sanghyang Nata Dewa (Audio Panggung, 2003) - H. Asep Sunandar Sunarya
Пікірлер: 42