Tema : Upaya Pelestarian Kesenian Wayang Golek Melalui Media Sosial.
Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan Ki Dalang H. Asép Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman audio panggung waktu ngagejrak di Cijambe, Ujungberung, Bandung, ahir Desember 2008. Hanjakal teu gaduh video livena. Lakon ieu kantos diunggah tilu taun kapengker, mung audiona rada awon sareng seueur nu dipotongan.
============
Sinopsis awal lakon nyaritakeun kaayaan di karaton karesian Sidik Udel-Udel, nu ka réh banasapon Jonggring Salaka Sawarga Maniloka. Resi Narada keur ngayakeun sinéwaka jeung Dewa Brahma katut incuna nyaéta Radén Wisanggeni. Wisanggeni téh budakna Adipati Arjuna ti bidadari Déwi Gersandala putrina Déwa Brahma.
Resi Narada téh meunang pancén ti Hyang Otipati Jagatnata Batara Guru supaya nurunkeun Wisanggeni ka marcapada. Tujuanana pikeun ngasah atawa nguji Wisanggeni di alam marcapada nu engkéna diangkat jadi déwa di Sawarga Maniloka. Salian ti éta pikeun ngawanohkeun Wisanggeni jeung bapana Arjuna nu can pernah panggih saprak lahir.
Saméméh panggih jeung bapana, Wisanggeni ditipu ku Resi Dorna nu ngaku-ngaku Yudistira. Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!
Негізгі бет Wayang Golek GH3 Wisanggeni Turun Ka Marcapada (Audio Panggung) - H. Asep Sunandar Sunarya
Пікірлер: 23